Senin, 11 April 2011

cerpen sunda

Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 28-11-2010 | Tak ada komentar »
Carpon DHIPA GALUH PURBA
Tribun Jabar, Sabtu, 27 November 2010
Taya nu wasa ngedalkeun carita. Ukur ingetan nu ngalanglang ka mangsa nu kungsi kasorang duapuluh taun katukang. Lamun téa mah Hansip Baron nyaksian Sanca jeung Néng Susi peuting éta, tangtu wé Hansip Baron bakal surti kana kabiasaan Sanca salila ngokolakeun Pajaratan Cinta. Sabab, lain sakali dua kali Hansip Baron nangenan Sanca nu ngalénghoy ka lembur Ciméndong. Tuluy nangtung di tapelwates Désa Kertamandala. Di dinya pisan Cép Sanca sok ngajanteng bari mangpengkeun paneuteup ka lebah handap, ka hiji imah nu ditingker balong. Imah tempatna Néng Susi digedékeun, saméméh Néng Susi miang ka kota sabada ngaréngsékeun nyuprih pangarti di bangku SMP. Imah nu jadi saksi patepungna deui Sanca jeung Néng Susi, sanggeus paturay paanggang tineung salila duapuluh taun. Di imah éta kénéh, sawatara waktu kaliwat aya nu leuir silih kedalkeunna rasa cinta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar